Daun Pisang, Adakah Manfaat nya ???


DAUN CAU / DAUN PISANG

Ku : Ahmad Syamsudin

Daun cau disabudereun urang sok biasa diangge bungkus lepeut.lemper.kueh nagasari.jeung rupa rupa kueh.atawa tatakan urang urang mun nuju ngaliwet.

Salereusna Daun cau tiasa dianggo landong

Tradisional herbal diantawisna ngalandongan panyawat : 


1.Kotombe leungit carana : 

Daun cau anu ngora di blender tambih cai sakedik..balurkeun kana rambut.dipijit pijit lalaunan.15 menit angin angin.terus dibilas.


2.Kulit bersih mulus Alami carana :

Daun cau ngora + cai sacukupna diblender + Sarerang Kawung (lebu tina durukan barangbang tangkal kawung) .hijikeun aduk teras balurkeun kana kulit sapertos krim.balur kanu kulit nu dipilih supados kinclong.buricak burinong.


3.Radang tenggorokan carana : 

Godog daun cau anu garing sacukupna cuci

bersih.caina diminum 2 gelas sapoena.


4.Demam panas carana : 

Daun cau di tinyuh kanu cai panas sagelas + madu minum sapoe sagelas kanggo murangkalih pasihan sasendok sasendok.


5.Disentri / radang usus carana : 

Daun cau godog sacukupna minum sapoe 3 gelas.


6.Stamina / daya tahan tubuh bugar carana : 

Rutin saban poe minum sagelas cai godogan daun cau.

Mugia mangpaat.


NB : Disarankeun kedah Daun cau batu/ mangala .daun cau siem.daun cau kepok 



Tidak ada komentar