Ulah Bobodo Tenjo Kasamaran Tinggal


Oleh : Ustad M. Yaya Sumardi Atmadja


SYUHUDUL WAHDAH FIL KATSROH, SYUHUDUL KATSROH FIL WAHDAH

Sing bisa nempo kanu TUNGGAL dinu Loba,

Sing bisa nempo kanu loba dinu TUNGGAL.

 

Celaan tur cawadan. Cua jeng fitnah. Geuleuh jeng dimusuhan. Caci maki dan kebencian. Pasti karandapan dina hirup. Nu ngahina bakal didatangkeun.  Nu ngamusuhan bakal disampakeun. Boh nu nyumput tukangeun teu tembong geuleuhna. Boh nu langsung ngabalieur beungeut bari crot nyiduh.


Poma, ulah balik nyeula tur nyawad. Ulah oge ngarasa dimusuhan, jauhkeun rasa cua kesel dina hate. Ulah-ulaheun aya pikiran ngawaleus ka nyeuri ku benci deui.


Sasauran Pangeursa Abah Sepuh ti Kajembaran Rahmaniyah Suryalaya natra tur jentre dina tanbih, " Ulah medal sila pedah ka panah". Harus memberi kasih sayang kepada yang membenci.


Sing eling sing jeujeug. Lantip pikir jembar hate. Tong ditempo SAHA nu nyawad tur nyaci,  SAHA nu cua tur ngamusuhan, SAHA nu ngaheabkeun rasa geuleuh tur prasangka. Sakali deui, tenjo tong dipatok ka sahana.


Angguran mah Tenjokeun pikiran jeng hate ka " saha " nu ngagerakeun letah eta jalma tepi ka bisa eta letah pinuh caci maki tur cawadan, tenjo mah ka " saha " nu bisa ngagerakeun jiwa eta jalma tepi ka eta jiwana pinuh ka geuleuh tur pinuh kabencian, tenjo mah ka " saha" nu bisa ngagerakeun eta pikiran jalma tepi ka bisa eta letah pinuh hujatan miwah buruk sangka wae.


Reugeupkeun, mun patok pikir jeng hate ka dinya. Moal gariwah manah. Leumpeung tekad lampah. Bersih pikiran. Da Gusti Allah maha sagalana. Nu enggeus nu eukeur tur nu rek aya, mustahil lepas dina rencanaNa. Teu ujug-ujug aya, teu aya ujug-ujug. Kabeh ge bagian tina kawasaNa. Tidak ada " kebetulan". Nu nyampak nu datang teh supaya salira menang karidoan tur katawakalan.


 Atuh mun saruana mah, iraha urang teh menang ridho sabar dina ujianNa?


Ceuk kolot, ngancik dina diri ajian Semar Mesem.


Yu, urang diajar babarengan.

Tidak ada komentar