Daun Pandan, Apa Saja Manfaat nya ???

Oleh : Ahmad Syamsudin


Assalamualaikum w.w./ Sampurasun.

Salami ieu ditatar Sunda daun Pandan seseueurna dijadikeun bahan pewangi Alami kanggo kueh kueh baseuh.pewangi Nasi.pewangi sirop.jsb.

salian eta nu mancing mania mah daun Pandan sok dijadikeun pewangi kanggo eupan.

Daun pandan wangi oge di jantenkeun pewangi kembang rampe atanapi kembang tabur di luhur kuburan.

Padahal kanggo obat Herbal daun Pandan sae pisan.contona kanggo landong panyawat :


1.Rhematik / Encok carana : 

Godog 5 lembar daun Pandan cai sacukupna .minum sapoe dua gelas.


2.Syaraf kaganggu (Syaraf kejepit misalna) carana : 

Godog 3 lembar .cai sacukupna .minum sagelas sapoe rutin.


3.Stress / Depresi carana : 

Tinyuh ku cai ngagolak daun pandan satengah

lembar.minum rutin sapoe sakali.rutin.


4.Hyper tensi / Darah Tinggi carana : 

Minum godogan daun pandan.godog kucai 3 gelas dugi kasesa dua gelas. sapoe minum dua gelas.

Mugia mangpaat.


Teguh rahayu berkah salamet

Cag.........



Tidak ada komentar