Lahang, Minuman legendaris Urang Sunda


Lahang  nyaéta  cai  beunang nyadap tina dahan  mayang  tangkal  kalapa  atawa tangkal  kawung. Lahang bisa langsung diinum ogé diolah pikeun nyieun gula beureum atawa cuka. Lahang dina basa  Jawa  disebut  legén, di  Pilipina  disebut  tuba, di  Malaysia, di  Sri Langka  jeung  India  disebut  toddy.


Cai lahang diarah ku jalan disadap tina mayang (kembang) anu diteukteuk palebah puhuna, cai lahang anu nyakclakan ditandéan maké wadah anu disebut  lodong.


Mayang aya dua rupa : mayang baris pibuaheun (diantep sangkan jadi buah) jeung mayang anu baris diarah lahangna (kudu disiapkeun heula saméméhna) taya lian dijieun tarajé sangkan gampil mangsa naék, dahan mayang (manggar) saméméh diteukteuk dipékprékan heula sangkan eupeur pikeun ngalancarkeun turunna cai lahang.


Nyadap lahang dina sapoé dilakukeun dua kali (isuk jeung soré). Dina satangkal ngahasilkeun lahang 1,75  léter, loba jeung saeutik lahang beunang nyadap téh gumantung kana  usum  jeung umur tina tangkal anu disadap, mangsa usum  hujan beubeunangan lahang ilaharna leuwih loba kitu deui  tangkal  anu umurna ngora kénéh beubeunangan lahang leuwih punjul ti batan tangkal anu kolot.


Dina 100 ml lahang kalapa seger mibanda sababaraha rupa kandungan  kimia :

.

Sukrosa  15,20 - 19,70

Protéin  0,23 - 0,32

Vitamin  C 16,00 - 30,00 .

Kandungan  kimia  anu aya dina cai lahang ieu mibanda kagunaan pikeun ngalancarkeun kahampangan (diuretik), ngubaran bunghak, miceun waé, jeung  sariawan.


Lahang taya lian bahan pikeun nyieun  gula beureum,  cai  lahang digolakeun nepi ka kuled (kurang leuwih 4 jam); tuluy diparinkeun kana citakan (tina  awi  atawa batok  kalapa), diantepkeun sangkan tiis tur ngabatu (kurang leuwih dua jam). Sakilo gula beureum mikabutuh cai lahang 7  léter  atawa  rendemen 14%. Lahang beunang nyadap anu ngahaja diteundeun (henteu digodog) bakal jadi lahang bari anu mibanda  alkohol, ieu dimangpaatkeun pikeun nyieun cuka ogé pikeun  ngabekukeun  geutah  karét  anu tadina éncér jadi ngagéblég.

.

.

Dicutat : ti Wikipedia bahasa Sunda

Tidak ada komentar