Goyang Karawang Dimata Abah Sunarya


Warna cahaya sajatining asal karawang bakal hurung deui rahayatna tos mulai ka gugah ku rasa sajatina urang karawang nu ngancik di nagara sunda. tos mulai dimana mana di unggal daerah tos maruncul teureuh anak  incu karuhun sunda nu ngancik di dirina sewang sewangan......


ieu nandakaeun peradaban sunda bakal jaya deui balik deui kuputaran alam ka asal....dina jaman modern ieu...  


didieu urang kedah asak asak nya ngejo ulah tutung tambagana " urang sing asak asaknya nempo ulah kaduhung akhirna " urang kedah awas permana tingal. mana nu bakal nganggkat daratjat sunda mana nu bakal ngarusak masih paciwuh.... 


urang kedah ati ati dina lumampah ulah  ka dugi nyorang kajadian nu teu dipika harep.

ulah dugi ngarusak tatanan adab budaya para karuhun urang sadaya.....


ieu tos di mulai mararuncul urang sundana. ciri wanci para karuhun lungsur jeng nerap deui elmu pangarti ka turunan sewang sewanganna.....


ieu bakal ngabukti ngajadi lamun urang tos sabilulungan. Regreg pageuh ngahiji ditalian ku Rasa nu sajati. rasana urang sunda.


karawang tos bakal ngajadi ku ciri ciri nu tos aya ku urang di pika nyaho....

ratu adil paramarta sareng sinatria  nu gagah tur ngarti.....

nu timana mana ti unggal nagarana oge nga nonoho hayang nyaho karawang ngajdi....


hayu urang sabilulungan nanjerkeun kajayaan nu baheula... nu baheula ku kolot urang di rancanakeun pikeun urang sadaya nu bakal ngeusianna jeung mika gawena.


Karawang Gaduh ciri  nu teu di boga ka batur....

Karawang nagarana ge aya dua ...

karawang wetan jeng karawang kulon....


masjidna oge aya dua....dupi nagarana manjang ka belah wetan......


Kidung Karawang... eta padoman pangwangunan karawangna...padoman nangtoskeun kasuburan ka makmuran karawangna sareng ngabangun. adab tingkah paripolah rahayat jeung kahirupanna.....


sareng di dukung ku titinggal nu aya ti sepuh kapungkur titingal ku wakos sareng jamanna......


Karawang sagalana oge tos sadia tos nyampak kantun urang sadayana...... nu hayang ngarusak na oge loba.


Urang tong salempang tong hariwang ke oge bakal di ampihan ku Gusti....mangga terserah ku kahayangna pinasti bakal aya balitunganna akhirna....tah nu kitu moal lila bakal di ratakeun ku gusti....


seni budaya karawangna tos ngabukti tos di tonton ku urang sadaya..... tapi masih can aya nunggarti. mana kesenian mana sejarah....


Karawang geuning sabagian ku terkenalna sareng goyang karawang..... sanes goyangan sinden nu di maksad.... goyangan ieu goyangan sajarah nu tos kalakonan sareng nu acan kasorang...   


Goyang karawang nyaeta gaungna dugi ka nagri walanda waktos penyerangan sejarah rawagede....

waktos Komandan pasukan di tembak ku belanda malah di bere goyangan ...peluruna teu kena kena kana eta badan Komandan ( LUCKAS KUSTARYO )

mugia ngartos sadayana punten karawang sanes goyang BUJUR SINDEN nya.


Dimana mana oge sindenmah mun di panggung sok GOYANG.

nya lahir ..... timbul dina rasa na pujangga....

aya weh puisi Karawang Bekasi


teras di tutup ku pamungkas semboyan perjuanan

" KARAWANG KOTA PANGKAL PERJUANGAN " dumasar ti eta Perjuangan tidak ada kata berakhir......

Tidak ada komentar